Jumat, 05 Februari 2016

SYAIR PEPELING (ALAM MAHSYAR)

Syair Pepeling (Alam Mahsyar)

Eling eling dulur kabeh
ibadah ulah talobeh
beurang peuting ulah weleh
bisina kaburu paeh

Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
mana kudu ati ati
kana ibadah sing ngarti

karasana keur sakarat
nyerina ka liwat liwat
kana ibadah ulah diliwat
embung milampahkeun sholat

Kaduhung ka liwat langkung
henteu nyembah ka Nu Agung
Sakarat nyeri na kalangkung
urang teh teu menang embung

urang bakal dilungsur
dilungsur ku sifat Ghofur
malaikat nu ngalungsur
aduh abdi palalaur

Masya Allah matak gelar
di akhirat kabeh gelar
tina pakuburan ngencar
karumpul di alam mahsyar

ari ngaran mahsyar eta
palataran anu rata
panas na waktu harita
panon poe tujuh hasta

teu aya iyuh iyuhan
pikeun urang tempat nyu uh
salawasna geu pakewuh
ngupingkeun naraka ngaguruh

awak urang dirangsadan
henteu boga papakean
gawe ngan ider ideran
neangan nu nulungan

tidinya tuluy digiring
sina nyorang cukang ramping
sekeut alabatan pedang
lembut alabatan rambut

dihandap seuneu ngagolak
lega na mang implik amplak
saheab ge awak asak
se eur anu ting koceak

kapir jeung pasek ngaromong
bener nabi teh teu bohong
geuning ayeuna katembong
ngan urang anu bedegong

bareto mah teu percaya
sugan teh ngan ukur beja
ayeuna mah teu sulaya
pahala siksaan aya

aduh indung aduh bapak
kutan teuh kieu rasana
jadi jalma anu doraka
kudu asub ka naraka

elingkeun ieu pitutur
ka sakabeh dulur dulur
elingkeun siksaan kubur
urang teh ulah takabur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar