Sabtu, 02 April 2016

Nadhom (7 perkara upami hoyong salamet dunia akhirat)

Hey sakabeh umat-umat
Mu'minin sareng mu'minat
Lamun urang hayang salamet
Di dunia sareng akherat

Ulah ninggalkeun amanat
Anu tujuh tong kaliwat
Sabab ieu anu tujuh
Bakal nyaangan geus puguh

Dikubur nu keur pakewuh
Ku siksa alloh nu ripuh
Matak urang kudu nempuh
Kana perkara nu tujuh

Hiji ikhlas 'ibadahna
Dua hade ka indung bapana
Tilu silaturahmina
Ulah pegat salawasna

Opat ngalelebar umurna
Ku maksiat saterusna
Lima nyulayaan nafsuna
Teu digugu pangajakna

Tentrem ayem ibadahna

Eta anu ka genepna

Loba eling katujuhna

Ka alloh sapapanjangna


Nyakitu dauh rosulna

Dina kitab nasoihna

Ulah mang-mang sadayana

Istri miwah pamegetna


Sabtu, 13 Februari 2016

UNGKAPAN HATIKU

"Kesalahan terbesar km adalah telah menjadi seorang penghianat!!
Karena dengan hianat kebaikanmu slama ini akan tertutup dengan kesahanmu itu, walaupun sekecil apapun itu tapi berakibat fatal!!"
___

"Tak mudah mencari orang yg dapat menerima kita apa adanya, karena kebanyakan orang mencari yg sempurna, walaupun manusia itu tidak ada yg sempurna, tetapi setiap orang pasti menginginkan yg trbaik baginya"

___

"Ketika ANJING saja bisa setia, kenapa KAMU tidak bisa!!"

___

"Adalah kesalahan besar terlalu mempecayai janjinya manusia!!"

___

Jumat, 05 Februari 2016

PUPUJIAN KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW (Gusti Urang Sadayana)

PUPUJIAN KANGJENG NABI (GUSTI URANG SADAYANA)
Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah

Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan

Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna

Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna

Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi

Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur

Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat

Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis

Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana

Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran

Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan

Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana

ÉLING-ÉLING DULUR KABÉH
Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh

Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati

Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat

Kaduhung liwat kalangkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung

SYAIR PEPELING (TSUNAMI ACEH)

Syair Pepeling (Tsunami Aceh)

Eling eling dulur kabeh
ibadah ulah campoleh
Berang peting ulah weleh
bisina kaburu paeh

Carontona dibanda aceh
piken conto urang kabeh
Gempa bumi jg sunami
eta pepeling ti gusti

Harta banda mobil mewah
hancur kabeh jadi runtah
Anak pamajikan pisah
kakerem ku cai caah

Ngarana eta bencana
bencana sunami tea
Azab tigusti tumiba
kajalma anu doraka

Te taroleh kana harta
carerik matak karunya
Nuningali ge te tega
ngaluarken cai mata

Sing jarerit menta tulung
nempo ombak sagede gunung
Siksa tinu maha agung
kajalma nusok adigung

Aceh ancur berantakan
malaboh jadi lautan
Datangna siksa pangeran
teguran keur kanu iman

mayit-mayit pabalatak
campur runtah ejeng letak
Malah loba nu katincak
waktu ker neangan anak

Jalma rame palaheboh
gempa bumi dimalaboh
Datangna siksaan alloh
karna te syukur ka alloh

Gedung hotel ancur lebur
masjid teger hente ancur
Tanda anu maha luhur
ngaraksa tmpat tpakur

Mayit pd bau bangke
kapanggih tos lima poe
Nguburkena oge hese
kapaksa diantep cuwe

Kudu eling jg waspada
sateacan datang siksa
Malah lobaken ngadoa
sangkan ku alloh diraksa

Ayana ie bencana
diaceh jg disumatra
Serilangka jg india
karna ulah manusia

Jepang rejeng amerika
nyumbangken sagala rupa
Duit beas rejeng tenda
karna ngarasa karunya

matak ulah kajongjonan
ulah ngawaro ka setan
Sabab setan jelas pisan
tujuana rek nyasarken

Kudu ngwaro kaalloh
kudu ibadah kaalloh
Kudu salukur kaalloh
ulah kalupur kaalloh

Emutan di ie jaman
loba pisan kajahatan
Perjudian pamabokan
pembunuhan pemerkosaan

Hijii ciri alam dunia
sigana tereh ancurna
Kitu ecek kaul ulama
nu aya dina kitabna

Buru-buru gera tobat
ulah ngalobaken maksiat
Sing tarekun kana solat
tolab elmu tong kaliwat

Pamugi ie nadom teh
manpaat ker urang kabeh
Janten hikmah jg papatah
ker ngajaga laku lampah

SYAIR PEPELING (ALAM MAHSYAR)

Syair Pepeling (Alam Mahsyar)

Eling eling dulur kabeh
ibadah ulah talobeh
beurang peuting ulah weleh
bisina kaburu paeh

Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
mana kudu ati ati
kana ibadah sing ngarti

karasana keur sakarat
nyerina ka liwat liwat
kana ibadah ulah diliwat
embung milampahkeun sholat

Kaduhung ka liwat langkung
henteu nyembah ka Nu Agung
Sakarat nyeri na kalangkung
urang teh teu menang embung

urang bakal dilungsur
dilungsur ku sifat Ghofur
malaikat nu ngalungsur
aduh abdi palalaur

Masya Allah matak gelar
di akhirat kabeh gelar
tina pakuburan ngencar
karumpul di alam mahsyar

ari ngaran mahsyar eta
palataran anu rata
panas na waktu harita
panon poe tujuh hasta

teu aya iyuh iyuhan
pikeun urang tempat nyu uh
salawasna geu pakewuh
ngupingkeun naraka ngaguruh

awak urang dirangsadan
henteu boga papakean
gawe ngan ider ideran
neangan nu nulungan

tidinya tuluy digiring
sina nyorang cukang ramping
sekeut alabatan pedang
lembut alabatan rambut

dihandap seuneu ngagolak
lega na mang implik amplak
saheab ge awak asak
se eur anu ting koceak

kapir jeung pasek ngaromong
bener nabi teh teu bohong
geuning ayeuna katembong
ngan urang anu bedegong

bareto mah teu percaya
sugan teh ngan ukur beja
ayeuna mah teu sulaya
pahala siksaan aya

aduh indung aduh bapak
kutan teuh kieu rasana
jadi jalma anu doraka
kudu asub ka naraka

elingkeun ieu pitutur
ka sakabeh dulur dulur
elingkeun siksaan kubur
urang teh ulah takabur

SYI'IR TANPO WATON VERSI SUNDA DAN JAWA (alm.gusdur)

Lirik Syi’ir Tanpo Waton versi jawa dan sunda (alm.gusdur)

استغفرالله رب البرايا # استغفرالله من الخطايا
رب زدني علما نافعا # و وفقني عملا صالحا
يا رسول الله سلام عليك # يارفيع الشان و الدرج
عطفـة ياجيرة العالم # يااهيل الجود و الكرم

Astaghfirulloh...Robbal baroyaa....Astaghfirulloh...Minal Khothoya....
Robbi zidni..'ilmannafii'aa...Wawaffiqni...'Amalaan sholiha....

Ya roshulalloh..salam mun'alaik...
Ya rofi'asyaaniwaddaarojii....'Athfatayyajii rotal'alaami...Ya Uuhailaljudiwalkaromi.....2X

Ngawiti ingsun nglaras syi'iran # Kelawan muji maring pengeran
Kang paring rohmat lan kenikmatan # Rino wengine tanpo pitungan
>>Ngawitan abdi maos syi’iran # Kalawan muji gusti Pangeran
Dzat nu maparin Rahmat kanikmatan # siang jeung weungi teu itung-itungan
----
Duh bolo konco priyo wanito # Ojo mung ngaji syare'at bloko
Gur pinter ndongeng nulis lan moco # Tembe mburine bakal sangsoro
>>Duh parakanca isteri pameget # ulah mung ngaji syare'at wungkul
Ngan pinter dongeng, nulis jeung maca # akhirna ukur meunang sangsara
----
Akeh kang apal Qur'an Haditse # Seneng ngafirke marang liyane
Kafire dewe dak digatekke # Yen isih kotor ati akale
>>Loba nu apal Qur’an jeung Hadits # resep ngafirkeun jalma lianna
Kafir sorangan teu dipalire # mun masih kotor hate jeung akalna
----
Gampang kabujuk nafsu angkoro # Ing pepaesegebyare donyo
Iri lan meri sugihe tonggo # Mulo atine peteng lan nisto
>>Gampang ka goda nafsu angkara # dina papaes silona dunya
Sirik jeung pidik ku beungharna tatangga # matak hatena poek jeung nista
---
Ayo sedulur jo nglaleake # Wajibe ngaji sa'pranatane
Nggo ngandelake iman tauhide # Baguse sangu mulyo matine
>>Yu dulur-dulur tong mopohokeun # wajibna ngajijeung aturanana
Pikeun ngandelan iman tauhidna # hadean bekel, mulya maotna
---
Kang aran sholeh bagus atine # Kerono mapan seri ngelmune
Laku thoriqot lan ma'rifate # Ugo haqiqot manjing rasane
>>Jalma nu sholeh hade hatena # lantaran jero kaelmuanana
Laku tarekat jeung ma’rifatna # oge hakekat manjing rasana
---
Al-Qur'an Qodim wahyu minulyo # Tanpo tinulis iso diwoco
Iku wejangan guru waskito # Den tancepake ing jero dodo
>>Al-Qur’an Qodim wahyu nu mulya # heunteu di tulis bisa di baca
Eta piwuruk guru waskita # Nu ditanceubkeun dina jero dada
---
Kumantil ati lan pikiran # Mrasuk ing badan kabeh jeroan
Mu'jizat rosul dadi pedoman # Minongko dalan manjinge iman
>>Gumantel hate reujeung pikiran # ngarasuk kana sakabeh badan
Mu’jizat Rosul jadi pedoman # minangka jalan asupna iman
---
Kelawan Alloh kang moho suci # Kudu rangkulan rino lan wengi
Ditirakati diriyadlohi # Dzikir lan suluk jo nganti lali
>>Kalawan Alloh nu Maha Suci # kudu masrahkeun siang jeung wengi
Ditirakatan diriyadhohan # dzikir jeung suluk tong dipohokeun
----
Uripe ayem rumongso aman # Dununge roso tondo yen iman
Sabar narimo nadjan pas-pasan # Kabeh tinakdir saking pengeran
>>Hirupna tengtrem ngarasa aman # eta teh tanda jalma nu Iman
Sabar narima najan pas-pasan # kabeh ge takdir kersaning pangeran
---
Kelawan konco dulur lan tonggo # Kang podo rukun ojo dursilo
Iku sunnahe rosul kang mulyo # Nabi Muhammad panutan kito
>>Ka dulur, batur reujeung tatangga # kudu rarukun ulah pasea
Eta sunnahna Rosul nu mulya # Nabi Muhammadpanutan urang
---
Ayo nglakoni sekabehane # Alloh kang bakal ngangkat drajate
Senadjan asor toto dzohire # Ananging mulyo maqom drajate
>>Yu ngalakonan kabehanana # Alloh nu bakal ngangkat darajatna
Sanajan handap kaayaanana # tapi mulia maqom darajatna
---
Lamun palastro ing pungkasane # Ora kesasar roh lan sukmane
Den gadang Alloh swargo manggone # Utuh mayite ugo ulese
>>Mung timang mangsa dina ahirna # henteu kasasar roh jeung sukmana
Kanyaah Alloh surga tempatna # weuteuh mayitna oge kafanna

Ya roshulalloh..salam mun'alaik...Ya rofi'asyaaniwaddaarojii....'Athfatayyajii rotal'alaami...Ya Uuhailaljudiwalkaromi.....2X

Alfaatihah .....